TEKS LENGKAP NADZOM ANAK YATIM SUNDA

Senin, 31 Maret 2025 / 1 Syawal 1446H Kanjeng Nabi ngajamin ka Anak yatim dina ‘idil fitri pang saena musim Bade angkat ka masjid bade netepan ‘Idil fitri aya budak sesegrukan Nangis pipir masjid baturna arulin Rayap rame sunang bungah keur arulin Manehna nyalindung semu sedih bingung Nganggo kawai tambal butut ngalanglayung Kapendak ku Rasululloh ras dibujeng Ditaros kunaon nangis bae ujang Pan ieu teh dinteun bungah dinten senang Geuning ujang nangis kawas eukeur bingung Jawabna teh aduh Gusti yaktos pisan Ieu dinten bungah dinten seneng pisan Seneng soteh ka jalma nugaduh rama Keur ka abdi mah ngaraos teu sugema Ku ayana ‘idil fitri manah ringrang Inget kana diri hirup teh nyorangan Kieu rasana nu ditilar ku rama Hirup sangsara beda sareng sasaha Teras ku Rasul teh dipangku dirawu Aduh ujang tos ngahudang macan turun Na iraha jeung di mana rama tilar Jawabna teh cenah waktos perang badar Nu dipingpina ku kanjeng Rasululloh Duka teuing anu mana henteu wawuh Abdi ngagangsing hoy...