TEKS LENGKAP NADZOM ANAK YATIM SUNDA
Senin, 31 Maret 2025 / 1 Syawal 1446H
Kanjeng Nabi ngajamin ka Anak yatim
dina ‘idil fitri pang saena musim
Bade angkat ka masjid bade netepan
‘Idil fitri aya budak sesegrukan
Nangis pipir masjid baturna arulin
Rayap rame sunang bungah keur arulin
Manehna nyalindung semu sedih bingung
Nganggo kawai tambal butut ngalanglayung
Kapendak ku Rasululloh ras dibujeng
Ditaros kunaon nangis bae ujang
Pan ieu teh dinteun bungah dinten senang
Geuning ujang nangis kawas eukeur bingung
Jawabna teh aduh Gusti yaktos pisan
Ieu dinten bungah dinten seneng pisan
Seneng soteh ka jalma nugaduh rama
Keur ka abdi mah ngaraos teu sugema
Ku ayana ‘idil fitri manah ringrang
Inget kana diri hirup teh nyorangan
Kieu rasana nu ditilar ku rama
Hirup sangsara beda sareng sasaha
Teras ku Rasul teh dipangku dirawu
Aduh ujang tos ngahudang macan turun
Na iraha jeung di mana rama tilar
Jawabna teh cenah waktos perang badar
Nu dipingpina ku kanjeng Rasululloh
Duka teuing anu mana henteu wawuh
Abdi ngagangsing hoyong meser anggoan
Kanggo senang bungah sareng rerencangan
Tapi ibu ka.. abdi kalahkah nundung
Atos tilu dinten ieu abdi pundung
Aduh kasep nyaah deudeuh teuing ujang
Apan ieu rama gusti rama ujang
Hayu urang ngadeuheus engal ka Ibu
Aisyah di bumi urang gentos baju
Kanjeng Rasul bari nangis hey Aisyah
Ieu putra urang anu nuju susah
Nyaeta ramana teh parantos tilar
Dina waktos pupugeutna peurang badar
Dauh Aisyah teh bae putra ibu
Tos timana urang siram gentos baju
Hey Fatimah ieu angkeun rai anjeun
Hey Ali geura aku dulur anjeun
Mana cucu deudeuh Hasan sareng Husein
Ieu mamang anjeun geura ajak ulin
Fatimah Ali Hasan Husein mideudeuh
Ngangken dulur rai teras dibubungah
Dugikakeun leungit rasa kayatiman
Ngangken ibu rama Rasul anu heman
Saur Hasan Husein yu mang urang ulin
Sareung batur urang ameng gulen lilin
Teras ameng suka bungah ulin gatrik
Rasul teras ngalakonan ‘idil fitri
Tah sakitu riwayatna Nabi urang
Ngajamin ka anak yatim conto urang
Pikeun conto urang keur hirup di dunia
Tiru ahwal ucap kanjeng anu mulya
Mudah-mudahan urang husnul khotimah
Maot tetep iman islam pasti genah
Susuganan ieu ageung mangfaatna
Kanu maca anu butuh syafa’atna
Sareung urang diangken pisan umatna
Umat kanjeung umat anu pangmulyana
Sareung urang ngarep-ngarep syafa’atna
Anu dingaranan syafa’atul udzma
Aamiin aamiin aamiin yaarobbal ‘alamiin
Ditutup ku muji ka Rabbul ‘alamin
*Nadzom Sunda ini terdapat dalam Kitab Durrotul Muhibbin Karangan K.H.Ahmad Syatibi (Pangersa Aa Alfu), penulis dapatkan ijazah ini dari beliau langsung saat mengaji kilatan Ramadhan di Pondok Pesantren Al-Futuhat Pangauban Garut, dan sanadnya dari K.H.Nahrowi (Ajengan Nahrowi) Bogor
Penyusun: Risma Nailul Muna, Santri dan Pegiat Literasi
Komentar
Posting Komentar