PUPUJIAN SUNDA - MUGI KANJENG ROSULULLAH

MUGI KANJENG ROSULULLOH

الْحَمْدُلِلّٰهِ مُصَلِّيًاعَلَى

مُحَمَّدٍ خَيْيْرٍالنَّبِيٍّ اُرْسِلَا

وَاٰلِهٖ وَصَحْبِهٖ وَمَنْ تَلَا

لَهُمْ بِتَصْدِقِ الْإِلٰهِ تَعَالٰى


Puji tetepna ka Alloh

Rohmat salam ka Nabi Muhammad

Sareng ka kulawargina

Shohabatna Nabi Muhammad

Nun Alloh Mugi Gusti

Mikanyaah ummat Muhammad

Nun Alloh Mugi Gusti

Ngamuluskeun ummat Muhammad

Nun Alloh Mugi Gusti

Ngabuligahkeun ummat Muhammad

Nun Alloh Mugi Gusti

Ngahampura ummat Muhammad

Nun Alloh Mugi Gusti

Ngamulyakeun ummat Muhammad

Ku kabakuan Gusti

Ngarohmat ummat Muhammad

Di Dunya Akherat Gusti

Ngamulyakeun Nabi Muhammad

Ku etang-etang Gusti

Ngamulyakeun Nabi Muhammad

Ummat-ummat ku Gusti

Didamel Ummat Muhammad

صَلَّى اللّٰهُ عَلَيْهِ سَلَّمَا

اٰبَادًا سَرْمَدًا دَائِيْمًا


Mugi Alloh ngarizqian

Ka Ummat Muhammad dunungan

Resep ka Alloh nu heman

Resep ka Jeng Nabi panutan

Mutaba'ah ka utusan

Dina laku lampah utusan

Tepang dimana kempelan

Di Mahsyar poe kananglsaan

Mugi ummat sadaya

ningali bingah raray anjeuna

Tina bingahna anjeuna

Tepang sareng ummat anjeuna

Margi ummat di dunyana

cepet lempeng bener lakuna

Ku Alloh ummat sadayana

Mugi damel muttaqin pangkatna

Mugi Kanjeng Rosululloh

Kersa nyebat abdi sadaya

Dipayuneun Gusti Alloh

Sing janten wusul sadaya

Sumber : Kitab Mirqotul Mahabbah

Karya : KH. Raden Abdul Majid (Gan Aon) Mangunreja – Tasikmalaya

Penyusun : Risma Nailul Muna (Mahasiswa Pendidikan Bahasa Arab STAI PUI Majalengka dan Santri Pondok Pesantren Shobarul Yaqien Kawunggirang)


ya






Komentar

Postingan populer dari blog ini

Daurah Lughah Al-Arobiyyah: Kolaborasi Daar El-Lughoh Al-Arobiyyah Majalengka dan Santri Pedia Berlangsung Sukses

Mengatasi Hutang dengan Doa dan Keyakinan: Amalan dari Abuya Prof. Dr. Sayyid Muhammad Alawi Al Maliki

AKIBAT FILM PORNO