ISI KHUTBAH SUNDA

 


KHATIB : K.H.Nursholih Ma'mun (Pangersa A Olih) 

Tempat : Masjid Al-Muhaajirin Pondok Pesantren Shobarul Yaqien Kawunggirang Majalengka

Di dunia ieu aya 2 Makhluk Allah, anu sami-sami sok midamel kana dosa. Ngan tina 2 makhluk eta aya bedana, anu hiji mah dimana-mana ngajieun dosa teh bakal cilaka. Anu hiji deui namah dimana-mana ngajieun dosa teh bakal disalametkeun ku Alloh. 

2 makhluk eta, 

1.Iblis

2.Manusa

Ceuk tadi, makhluk nu hiji dimana2 ngalakonan dosa bakal cilaka, tos pasti urang apal nyaeta Iblis, sabab iblis mah dimana-mana ngalakonan dosa teh :

1.Tara ngaku dimana-mana ngalakonan dosa

2.Tara hanjakal dimana-mana ngalakonan dosa

3.Tara sedih dimana-dimana ngalakonan dosa

4..Teu geura tobat dimana-mana ngalakonan dosa

Jeung nu paling parah, eta iblis teh nyaeta

5.Dipecat tina rohmat Alloh ku sabab emung mengakui dosa-dosana

Beda deui, nu hiji deui mah ceuk tadi oge bakal disalametkeun ku Alloh, nyaeta Manusa. Kunaon cenah manusa bakal disalametkeun ku Alloh sok padahal sok ngalakonan dosa kusabab :


1.Ngaku ngalakonan dosa , dugi ka harita Nabi Adam 'Alaihissalam sering ngado'a Robbanaa Dzolamnaa Anfusanaa wa innlam taghfirlanaa wa tarhamnaa lanakunnana minal khosirin

"Duh Gusti pangeran Abdi, Abdi Dzolim ka diri abdi

Pami gusti teu ngahapunteun, tangtos abdi janteun jalmi anu rugi."

2.Sok hanjakal dimana-mana ngalakonan dosa

Sapertos Nabi Adam, ketika anjeuna ngalakonan dosa,  hanjakal na kabina-bina

3.Sok sedih dimana-mana ngalakonan dosa,  ceurik, sieun kana dosa

4.Sok buru-buru tobat dimana-mana ngalakonan dosa

5.Bagja, teu kungsi dipecat tina rahmat allah balikta Allah ngahampura sadaya dosa-dosa na Nabi Adam, tur jalmi anu ngalakonan dosa. 

Mugia urang sadayana aya dina panangtayungan Allah, tur dijaga tina ngalakonan dosa anu matak hina. 


Penulis bernama lengkap Risma Nailul Muna, ia adalah Santri Aktif Pondok Pesantren Shobarul Yaqien Kawunggirang yang juga seorang Mahasiswa Pendidikan Bahasa Arab STAI PUI Majalengka, menyukai dunia kepenulisan, senja, dan puisi. Beberapa karyanya telah dibukukan diberbagai penerbit indie.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Daurah Lughah Al-Arobiyyah: Kolaborasi Daar El-Lughoh Al-Arobiyyah Majalengka dan Santri Pedia Berlangsung Sukses

Mengatasi Hutang dengan Doa dan Keyakinan: Amalan dari Abuya Prof. Dr. Sayyid Muhammad Alawi Al Maliki

AKIBAT FILM PORNO