ISI KHUTBAH SUNDA

KHATIB : K.H.Nursholih Ma'mun (Pangersa A Olih) Tempat : Masjid Al-Muhaajirin Pondok Pesantren Shobarul Yaqien Kawunggirang Majalengka Di dunia ieu aya 2 Makhluk Allah, anu sami-sami sok midamel kana dosa. Ngan tina 2 makhluk eta aya bedana, anu hiji mah dimana-mana ngajieun dosa teh bakal cilaka. Anu hiji deui namah dimana-mana ngajieun dosa teh bakal disalametkeun ku Alloh. 2 makhluk eta, 1.Iblis 2.Manusa Ceuk tadi, makhluk nu hiji dimana2 ngalakonan dosa bakal cilaka, tos pasti urang apal nyaeta Iblis, sabab iblis mah dimana-mana ngalakonan dosa teh : 1.Tara ngaku dimana-mana ngalakonan dosa 2.Tara hanjakal dimana-mana ngalakonan dosa 3.Tara sedih dimana-dimana ngalakonan dosa 4..Teu geura tobat dimana-mana ngalakonan dosa Jeung nu paling parah, eta iblis teh nyaeta 5.Dipecat tina rohmat Alloh ku sabab emung mengakui dosa-dosana Beda deui, nu hiji deui mah ceuk tadi oge bakal disalametkeun ku Alloh, nyaeta Manusa. Kunaon cenah manusa bakal disalametkeun ku Al...